Sabtu, 15 November 2008

mahiwal

M a h i w a l
Ku Asep Salahudin

Kiwari tacan arusum
Nepi kana pamake kami

Haji Hasan Mustapa teh kakoncara bujangga tetar Sunda anu nenggang. Guguritana nyata taya babandingana. Tapakna karasa mangaruhan bujangga entragan sabadana kaasup sastrawan kahot Ajip Rosidi sakumaha karampa dina sajak “Variasi Guru Minda,” “Katumbiri”, “Jati Walagri” anu dikumpulkeun dina Jante Ardikam (Tini Kartini, 1985). Tina sajabana loba oge anu ngan ukur hahasanmustapaan.

Estuning punjul dina sagala widang kaasup nalika nyurahan agamana utamana anu dalit pancakakina jeung dapuran kabatinan (esoteris). Dina mangsana teu aneh mun loba ulama sajaman anu teu sapuk jeung anjeuna sakumaha hal ieu kaambeu dina hiji dangdingna:

Heulaanan kuring mundur deui
Tacan tega ka barudak urang
Basana serab pangilo
Sapedah kula kitu
Matak risi nu sisip budi
Budi daya kula
Geus tepi ka kitu
Dongkap ka masyaallohna
Kajen teuing hararemeng galih
Moal matak doraka

Sikep kontropersi Hasan Mustapa miang tina alatan lobana digunakeun silib tradisional anu henteu lumrah, surahna pabentar jeung pamahaman kalolobaan jalma anu harita alam pikirana masih ditalekeman ku paham ortodoksi (ngan ukur muhit elmuning pikih parukunan).

Mun urang ngalenyepan sawatara guguritana tetela ‘pangaruh’ sufi Timur Tengah rohaka pisan karasa dina diri Hasan Mustapa. Lian ieu oge nuduhkeun kabengharan bacaan jeung apan ceunah anjeuna lami mukim diditu dina sajaban ceuk sakaol oge dumasar kana tarekat Satariyah anu jadi agemana. Arabisme sufistik anu dina enas-enas namah ngan ukur tempat nguyang wungkul, “Baheula ku basa Sunda ahirna ku basa Arab. Jadi kaula nyundakeun Arab nguyang ka Arab, ngarabkeun Sunda tina Basa Arab.”

Wihadatul wujudna Ibnu Arobi atawa hululna al-Hallaj anu nandeskeun aworna hubungan Pengeran jeung hambana apan sakitu atrana dina hiji seratana. Pokna, “Gera prak agus ngawula ka eling aing, ngawula ka elmu aing, ngawula ka kudrot aing, ngawula ka irodat aing, ngawula ka denge aing, ngawula ka awas aing, ngawula ka kalam aing, moal enya ngawula lamun aing teu boga ma’ani…Kasarung turut lulurung, balik deui balik deui, sasab dina sisimpangan, ceurik deui ceurik deui, midangdam neangan Allah.”

Kabehdieunakeun mah gening Arabisme teh lain deui dijadikeun tempat nguyang anu dimekarkeun kalawan kreatip, ku sawatara organisasi kaagamaan jeung pulitik mah justru diteureuey buleud-buleud. Dipurak atah-atah paduli cangor teu sapuk jeung pakumbuhan budaya lakuning lampah sapopoe. Agama disakompetdaunkeun jeung budaya Arab. Anu jadi udagana kumaha ngarabkeun tradisi Sunda. Mun baheula loba ngaran pasantren dinisbatkeun kana tempat anu likeut hubungana jeung alam lingkungan Sunda kayaning Cintawana, Cikalama, Cipasung, Suryalaya jeung sajabana. Kiwari ngarasa can apdol mun hiji pasantren henteu make ngaran Arab. Ngaran budak ajeungana wae geus henteu deui Acep, Icep, Usep, Dadang tapi meh teu dipiceun sasieur jeung urang Timur Tengah malah moal boa leuwih Timur Tengah tibatan urang Timur Tengahna sorangan.

Baheula mah apan asa can kawenehan ajeungan Sunda gogodomrangan make gamis, dibakutet sorban sageude gilinding ban vespa, kiwari lain deui caritana. Apan kabuktian lain para pangikut ajaran sasab lolobana di tatar urang oge. Partei jeung gerakan da’wah anu muser kana ideologi Arab dina empro namah pangikut anu loba kapincut teh ti seke seler terahna Pajajaran.

Dina kanyataan namah budaya sunda teh lain wae kasengledkeu ku Arabisme tapi oge ku budaya nasionalna sorangan pangpangna dina basana wae. Jigana mun teu nyarita basa Indonesia teh asa diragukeun nasionalsimeuna. Pek we tingali kiwari arangka langka ajeungan anu hutbah make basa Sunda. Geus puguheun di dayeuh dalah di pasisian oge geus katepaan Mamalayuan sok padahal jamaahna mah tulen urang Sunda. Padahal ceunah agama teh rasa, ari rasa nya ngan bisa gancang nyerep kana mamaras mun dicarangkaan ku basa indung. Pantesan mun baheula Haji Hasan Mustapa nyerat: “Pondokna wae, ngawalatrakeun pangaji Kuranul Adim, Alloh jeung para Nabina sing walatra kahartina kasurtina, sugan sabasa-sabasana. Jadi diurangna pangheulana hutbah mending ku basa Sunda. Barangtangtu panglaerna jampe wudu, jampe adus, telikin ku basa Sunda”.

Singhoreng mahiwalna Haji Hasan Mustapa, jeung ‘mahiwalna’ sawatara gerakan Islam kiwari jauh tanah kalangit. Boh dina metodologi atawa prak-prakanana. Anu hiji mah miang tina kasadaran kultural anu rancage. Anu kadua mah ngan ukur ngulayaban mulangkeun paninengan ka mangsa nalika urang Islam makalangan sawatara abad ka tukang bari teu dibarung ku ketak jeung surah anu kreatip, teu wasa ari kudu nyebut tuturut munding mah.***
Nu nulis, ngajar di IAILM Pasantren Suryalaya Tasikmalaya

1 komentar:

Romeltea mengatakan...

Upami sok nyerat dina basa Sunda mah, atuh kintunkeun seratan teh ka Majalah BINA DA'WAH DDII Jabar anu dipingpin redaksinya ku sim kuring, nya? Kintunkeun we ka romeltea@yahoo.com, CC: bina_dakwah@yahoo.com, Blog: www.binadakwah.wordpress.com, htr nuhun